Si
Kabayan Ngala Nangka
Si Kabayan dititah ngala nangka ku
mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling Si
Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si
Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan.
Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.
“Wah, moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy
wé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula,
da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.
Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.
“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”
“Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si
Kabayan.
“Mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.
“Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah
balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh.
“Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa
balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.
“Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan
balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléos.
Si
Kabayan Dicukur
Si Kabayan teh kandulan pisan. Ari
kandulan teh jahe alias jago he-es (beuki sare). Teu kaop nyangkere atawa
nyarande sok ker wae kerek.
Sakali mangsa si Kabayan teh
dicukur. Dicukurna handapeun tangkal gede di sisi jalan Supratman. Ari tukang
cukur teh ruruntuk dalang. Tadina hayang jadi dalang tapi teu kataekan. Kalah
jadi tukang cukur. Teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur sok bari
ngadalang.
Si Kabayan tibarang gek diuk dina
korsi panyukuran geus lelenggutan wae nundutan. Saperti biasa tukang cukur teh
ari ceg kana gunting jeung sisir tuluy wae ngabuih… Ngadalang. Pokna teh, “Tah
kacaturkeun di nagara Alengka, rajana jenengan Dasamuka. Ari dasa hartina
sapuluh. Ari muka eta hartosna beungeut atanapi raray… “
Si Kabayan nu keur ngalenggut
ngarasa kaganggu kunu keur ngadalang, bari heuay si Kabayan nyarita, “Pondokeun
wae Mang…”
Trek-trek tukang cukur teh
ngaguntingan buuk si kabayan bari pok deui, ”Ari geus kitu… eta Dasamuka
teh bogoh ka Dewi Sinta, geureuhna Sri Rama… ”
“Pondokeun wae Mang…”ceuk si Kabayan
nyaritana selang seling antara inget jeung heunteu bakating ku tunduh.
Teu lila reup deui sare. Lilir
sakeudeung, tukang cukur teh keur ngadongeng keneh, ”Urang tunda Dewi Sinta nu
keur di Alengka, sabab dipaling ku Rahwana…. caturkeun sri Rama….” si Kabayan
asa kaganggu sarena terus nyarita bari lulungu, “Pondokeun Mang….”
Terus reup deui peureum. Trek..trek
tukang cukur ngaguntingan buuk si Kabayan bari nuluykeun ngadongengna. Ari tiap
si kabayan lilir, tukang cukur teh keur ngabuih keneh wae ngadalang. Tapi ari
leungeunna mah tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk si Kabayan. Si Kabayan
keuheuleun pisan sabab sarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu sakapeung sok
ngagerem nurutan sora buta atawa ngajerit nurutan sora Dewi Sinta basa dipaling
ku Rahwana. Antukna si Kabayan ngambek ka tukang cukur bari nyarita ”Ceuk aing ge
pondokeun…pondokeun…” tukang cukur nembalan “Dipondokeun kumaha ieu geus lenang
kieu..” ari ret si Kabayan kana eunteung enya wae sirahna geus gundul teu
salembar-lembar acan, puguh wae si Kabayan teh ambek, “Nu dipondokeun teh
dongeng maneh lain lain buuk aing…” si Kabayan morongos.
Tukang cukur nembalan bari nyentak,
“Bongan sorangan, naha atuh sare wae batur digawe teh, lain nuhun diembohan ku
dongeng teh…”
Ngan hing wae si Kabayan teh ceurik
bakating ku handeueuleun jaba ari balik ku barudak dipoyokan bari di
abring-abring “…penjol….penjol….”[]
Si
Kabayan jalma miskin taya kaboga. Di sakampung éta mah pangmalaratna baé
meureun. Imahna teu béda ti saung butut. Ari pagawéanana, kitu wé buburuh
ngoréd.
Béda deui jeung tatangga Si Kabayan, bandar munding anu
kacida beungharna. Sawahna lega, kebonna puluhan héktar, imahna gé nya gedé nya
agréng.
Sakali mangsa tatangga Si Kabayan téh hajat gedé, ngawinkeun
anakna. Ondangana kacida lobana, boh ti nu jauh boh ti nu deukeut. Carék
wiwilanganana salembur éta mah diondang kabéh, iwal Si Kabayan.
Si Kabayan jeung pamajikanana teu kira-kira waé
nalangsaeunana. Tuluy waé Si Kabayan téh ngalaan baju, kencling indit ka pipir
imah nu boga hajat, pék ngadeupaan lincar.
“Sadeupa, dua deupa, tilu deupa, …,” cenah.
Sémah kacida kagéteunana, nénjo kalakuan Si Kabayan kitu
téh. Saréréa ngariung nénjokeun Si Kabayan ngadeupaan imah nu boga hajat.
Pribumi ogé norojol; barang ngadéngé rebut-ribut di luar
téh, gancang kaluar. Ari rét ka Si Kabayan, manéhna ngajenghok, tuluy nanya ka
Si Kabayan.
“Ku naon Kabayan, manéh téh ngadeupaan lincar? Bet éta jeung
teu dibaju kitu, kawas budak waé.”
Témbal
Si Kabayan, “Wah, mun kolot gé diondang.”
Nu boga hajat pohara éraeunana, rumasa ngabéda-béda jelema.
Gancang waé nyarita.
“Kapan ti kamari gé diondang. Manéhna mah sok pohoan.
Gancang balik, dibaju heula, engké ka dieu, sakalian bawa pamajikan,” kitu ceuk
nu boga hajat téh.
Si
Kabayan kacida atoheunana.
Hiji poé Si Kabayan jalan-jalan.
Manggih tangkal nangka di kebon batur. Nangkana geus aya nu asak. Si Kabayan
kabitaeun. Atuh térékél wé naék kana tangkal nangka. Nangka nu geus asak téa
diala, terus dipurak dina luhur tangkal. Keur kitu torojol nu bogana. Si
Kabayan digebah.
“Hoyah, Si Kabayan maling nangka!”
“Henteu, da,” témbal Si Kabayan.
“Éta geutahna dina biwir, rapet?”
“Henteu, da diminyakan,” témbal Si Kabayan deui.
Si
Kabayan Ngala Roay
Dina hiji peuting Si Kabayan diajak
ngala roay ku mitohana. Isukna, isuk-isuk bral ka haruma, rada jauh ti
lemburna. Di jalan taya nu ngomong sakemék-kemék acan, sumawonna Si Kabayan da
puguh tunduheun kénéh. Tuman héés nepi ka beurang, ari ieu isuk kénéh geus
digugubrag dititah hudang.
“Teu kaharti ku mitoha,” ceuk dina pikirna, Sakitu geus
kolot na aya kadedemes-kadedemes teuing kana dunya téh. Na keur naon dunya ari
lain keur nyenangkeun awak? Ari ieu kalah jadi hukuman. Keun sia geura engké…”
Barang nepi ka huma pék ngala roay. Mitohana pohara getolna.
Ari Si Kabayan mah meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng, teu kaur
beubeunangan balas ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk digawé.
Siga-sigana mah rada mumuleun Si Kabayan téh.
Luak-lieuk, béh karérét karung wadah roay. Jol aya ingetan
pikasenangeun. Gelenyu Si Kabayan imut.
“Mitoha! Mitoha!”
“Heuy!”
“Kula rék ka cai heula ieu mules beuteung. Bisi rada lila,
dagoan nya! Ati-ati mun mitoha ninggalkeun!”
“Heug! Ulah lila teuing baé.”
“Kumaha engké wé, da kasakit mah ari datang kawas kilat, ari
undur kundang iteuk.”
Bari ngomong téh mitohana tonggoy baé ngalaan roay teu
luak-lieuk. Si Kabayan sup asup kana karung wadah roay. Awakna dipurungkutkeun
bari ngareumpeukkan manéh ku roay nepi ka teu katémbong.
Barang bro mitohana ngabrukkeun roay kana karung, dideuleu
karung geus metung, ret ku manéhna dicakupkeun dipocong ditalian,
dijungjung-jungjung. “Duh beurat naker,” omongna. Geus kitu gék diuk ngadagoan
Si Kabayan.
Si Kabayan didagoan téh ambleng baé, sedeng poé geus
reup-reupan. “Naha Si Kabayan bet ambleng baé?” ceuk mitohana ngomong sorangan.
“Moal salah meureun terus balik da gering. Éta mah Si Kabayan, naha aya
mangkeluk. Benerna mah bébéja heula ka kolot, rék balik téh. Ieu mah léos baé.
Aya jelema.”
Rigidig karung roay dipanggul. Édas beurat naker,” omongna.
“didedet teuing, ieu mani teuas kieu. Bari dirampa-rampa karungna.
Barang datang ka imah, sok diteundeun di dapur dina
raranjangan. Tuluy dibuka beungkeutan karung téh ku mitoha awéwé, bari ngomong,
“Euleuh cukul pelak roay urang téh nya, mani sakieu lobana.”
“Hih, tacan kaala kabéh éta gé, da kaburu pinuh, karungna
leutik teuing,” jawab mitoha lalaki, “Kakara gé saparona meureun. Bari étaeun,
manéhna, teu ngadéngé Si Kabayan, kumaha geringna?”
“Baruk gering? Teu nyaho kaula mah. Panyana jeung andika ka
huma.”
“Puguh baé tadi isuk, tapi ti dituna balik ti heula, nyeri
beuteung.”
“Aéh-aéh, kutan! Cik manéhna ieu bantuan ngudulkeun roay,
bet beurat naker.”
Ana bro téh diudulkeun ku duaan, burulu roay bijil sabagian
da sereg dina liang karung. Ku sabab mereketengteng karungna dihantem
digeujleug-geujleug, na…ana boréngkal téh Si Kabayan ragrag kana raranjangan
morongkol. Mitoha awéwé ngajerit bawaning ku reuwas. Mitoha lalaki ngejat mundur
ka tukang awahing ku kagét.
Si Kabayan, “Hé, hé, hé, da capé!” Bari balaham-béléhém.
“Si Bedul téh geuning Si Kabayan,” ceuk mitoha awéwé.
“Da capé, mitoha! Jeung ieuh, ku ngeunah dipunggu ku mitoha
téh.”
“Aya adat-adatan, na sia kitu peta ka kolot téh!” ceuk
mitoha awéwé. Ari mitoha lalaki léos baé ka imah. Haténa ngunek-ngunek ambek,
hayang males.
“Isuk mah anggeuskeun ngala roay téh jeung Bapa, Kabayan!
Sing bener ulah goréng polah kitu ka kolot pamali deuleu matak doraka,” ceuk
mitoha awéwé.
“Heug, moal mitoha.”
Isukna bral Si Kabayan jeung mitoha lalaki ka huma deui.
Datang-datang rétop metikan roay, garetol naker. Mitohana rét deui rét deui
ngarérét ku juru panon ka Si Kabayan. Si Kabayan tonggoy baé ngalaan roay.
Sigana mah inget kana papatah mitoha awéwé, éstuning junun ayeuna mah kana
gawéna téh.
Nempo Si Kabayan jongjon digawé, kuliwed les baé mitohana
téh. Si Kabayan mah terus baé ngalaan roay nepi ka karungna téa pinuh pisan.
Ret dipangrodkeun liang karung téh. Reketek ditalian.
“Na kamana mitoha bet euweuh? Moal salah ninggalkeu meureun,
keuheuleun kénéh urut kamari. Kajeun ah! Aing gé rék balik. Rék digusur baé ieu
karung téh, da teu kabawa dipanggul mah,” bari ngomong kitu, bluk karung téh
digulingkeun. Durugdug digusur.
“Kabayan! Kabayan!” Ceuk sora jero karung. “Ieu aing, mitoha
sia ulah digusur!”
Reg Si Kabayan eureun, “Ah puguh roay, roay!” Bari gaplok
dipeupeuh karung téh. Durugdug deui digusur.
“Kabayan! Bapa deuleu ieu, lain roay!”
Roay! Roay!” Bari terus digusur.
Barang datang ka dapur, gebrug ditinggangkeun kana
rarangjangan, “Ek!” Sora jelema nu titeundeut.
“Tah mitoha awéwé, roay sakarung!” Bari léos manéhna mah
indit ka cai.
Barang diudulkeun eusina, gurubug salakina ragrag bari
gegerungan. Awakna daronglak raraheut urut digugusur anu sakitu jauhna.
Pamajikanan teu kira-kira kagéteunana Tuluy diubaran ku cilebu. Meunang dua poé
mitoha lalaki teu bisa hudang-hudang acan.
0 komentar:
Posting Komentar